Rangkuman Mata
Kuliah Umum Sastra Sunda
Dina
dengeut 15 April 2015 jurusan Bahasa jeung sastra Arab ngiringan Kuliah Umum
sastra Sunda anu di piwuruk ku ibu Eulis, anjeunna S3 Dosen ti Universitas
Padjajaran, dina waktos eta bu Eulis nerangkeun sababaraha pembahasan nu aya
kaitanna jeung mata kuliah Sastra Sunda, di antawisna perkawis Aksara, Aksara
nyaeta sora rasa, moal aya rasa upami teu aya aksara, boh aksara laten, pegon
jeung sajabana. Aksara ditinggal dina gunana makena, ku aksara bakal kacapai sadaya
elmu nu dipimaksud, aksara sunda kuno aya dina akasara sunda lontar, supados
mahasiswa tiasa mata naskah kuno sapertos bangsa kerajaan, aya darma pamulih
nyaeta naskah kanggo ngadamangkeun, aya bacaan shalat fardlu nyaeta naskah
kanggo tatacara ibadah ka Gusti Allah. Dina naskah oge seeur anu di hubungkeun
jeung agama, jejer hanjuang jeung bahasa
sunda, saperti konsonan, vokal. Vokalisasi aya 3 nyaeta luhur konsonan, tengah
jeung handap konsonan. Dina vokal aya panyeuceup, penghulu, pamengpeut,
paneuleum, panglayan, paneleng, jeung paningkat.
Waktos kuliah Umum bu
Eulis masihan contoh swanteunna kanggo ngalantunkeun bacaan pupuh diantawisna:
Pupuh Pucung
Utama-utama urang kudu rea
batur
Silih tulungan
Utamana urang Kudu loba
batur
Utamana kudu loba elmu
Elmu manfaat keur sararea
Kahayan mah loba elmu
pangaweruh
Hoream diajar
Watek tunduh sare wae
Cing kumaha supaya getol
diajar
Utama-utama urang kudu rea
batur silih tulungan
Nungtut elmu ulah bari
gurunggusuh
Sok komo kapaksa
Hasilna ge moal hade
Sakuduna dibarung
kukaikhlasan
Pupuh pucung....2x
Aa aa urang kudu loba
batur
Aa aa urang kudu loba elmu
..... uuuuh
Utamana urang kudu loba
batur
(urang kudu-urang kudu... loba batur)
Jeung silih tulungan
(aa....aa)
Bari nitipkeun nya diri
(bari nitipkeun nya diri)
Budi akal lantaran papada
jalma
(aa....aa....aa)
Urang kudu loba elmu, elmu
nu manfaat mashlahat pikeun sadaya, pikeun sadaya..
Utamana urang kudu loba
elmu
(uu....uuu...uuu)
Budi akal hiji amanat
Pangeran
(ti Pangeran)
aa...aa...aa urang kudu loba batur
Dina bahasa sunda aya
sababaraha basa nu kedah di mumule ku urang salaku urang sunda asli, nyaeta
basa sunda lemes keur ka sorangan, basa sunda lemes keur ka batur loma jeung
basa sunda. Basa sunda loma nyaeta basa nu sering digunakeun sapopoe
Contoh basa:
Basa loma
basa Lemes keur kasorangan Basa lemes keur kabatur
Asup lebet lebet
