Jumat, 24 April 2015

Tugas Rangkuman Mata Kuliah Sastra Sunda

Rangkuman Mata Kuliah Umum Sastra Sunda
Dina dengeut 15 April 2015 jurusan Bahasa jeung sastra Arab ngiringan Kuliah Umum sastra Sunda anu di piwuruk ku ibu Eulis, anjeunna S3 Dosen ti Universitas Padjajaran, dina waktos eta bu Eulis nerangkeun sababaraha pembahasan nu aya kaitanna jeung mata kuliah Sastra Sunda, di antawisna perkawis Aksara, Aksara nyaeta sora rasa, moal aya rasa upami teu aya aksara, boh aksara laten, pegon jeung sajabana. Aksara ditinggal dina gunana makena, ku aksara bakal kacapai sadaya elmu nu dipimaksud, aksara sunda kuno aya dina akasara sunda lontar, supados mahasiswa tiasa mata naskah kuno sapertos bangsa kerajaan, aya darma pamulih nyaeta naskah kanggo ngadamangkeun, aya bacaan shalat fardlu nyaeta naskah kanggo tatacara ibadah ka Gusti Allah. Dina naskah oge seeur anu di hubungkeun jeung agama, jejer hanjuang jeung  bahasa sunda, saperti konsonan, vokal. Vokalisasi aya 3 nyaeta luhur konsonan, tengah jeung handap konsonan. Dina vokal aya panyeuceup, penghulu, pamengpeut, paneuleum, panglayan, paneleng, jeung paningkat.
Waktos kuliah Umum bu Eulis masihan contoh swanteunna kanggo ngalantunkeun bacaan pupuh diantawisna:
Pupuh Pucung
Utama-utama urang kudu rea batur
Silih tulungan
Utamana urang Kudu loba batur
Utamana kudu loba elmu
Elmu manfaat keur sararea
Kahayan mah loba elmu pangaweruh
Hoream diajar
Watek tunduh sare wae
Cing kumaha supaya getol diajar
Utama-utama urang kudu rea batur silih tulungan
Nungtut elmu ulah bari gurunggusuh
Sok komo kapaksa
Hasilna ge moal hade
Sakuduna dibarung kukaikhlasan
Pupuh pucung....2x
Aa aa urang kudu loba batur
Aa aa urang kudu loba elmu ..... uuuuh
Utamana urang kudu loba batur
                        (urang kudu-urang kudu... loba batur)
Jeung silih tulungan
                        (aa....aa)
Bari nitipkeun nya diri
                        (bari nitipkeun nya diri)
Budi akal lantaran papada jalma
                        (aa....aa....aa)
Urang kudu loba elmu, elmu nu manfaat mashlahat pikeun sadaya, pikeun sadaya..
Utamana urang kudu loba elmu
                        (uu....uuu...uuu)
Budi akal hiji amanat Pangeran
                        (ti Pangeran)
aa...aa...aa urang  kudu loba batur
Dina bahasa sunda aya sababaraha basa nu kedah di mumule ku urang salaku urang sunda asli, nyaeta basa sunda lemes keur ka sorangan, basa sunda lemes keur ka batur loma jeung basa sunda. Basa sunda loma nyaeta basa nu sering digunakeun sapopoe
Contoh basa:
Basa loma         basa Lemes keur kasorangan                  Basa lemes keur kabatur
Asup                                      lebet                                                               lebet


Rabu, 01 April 2015

FOLKLOR SITU BAGENDIT TI GARUT



SASAKALA SITU BAGENDIT
Zaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar, ceuk paribasana beungharna Nyi Randa téh éstu lubak-libuk sagala boga. Kakayaanana bru di juru bro di panto.
Description: Sasakala Situ Bagendit :: Dongéng
ilustrasi: Mangle
Éta Nyi Randa téh katelahna Nyi Endit. Awakna jangkung rada ngeusi tapi sorana cempréng. Mun pareng nyarékan bujangna atawa barudak sok laklak dasar bari sorana matak katorékan. Rupana henteu geulis kitu wé saperti urang lembur nu séjén kasebut ngan ukur jajar pasar. Tapi lantaran perbawa kabeungharanana, manéhna asa panggeulisna di lembur éta téh. Sapopoé gawéna ngan ukur midang némbongkeun papakéan jeung perhiasan emas berlian anu sarwa alus. Kongkorong emasna sagedé nyéré digantelan ku liontin sagede jengkol. Beulang kénca katuhu bari alina reunceum dina ramona. Jaba ti éta antingna guntang-gantung beuki tambah gonjleng. Dahareunana, unggal poé ngajagrag dina méja. Iwal ti sangu jeung deungeunna dina méja séjén aya rupa-rupa bangbuahan. Éta kadaharan anu sakitu ngaleuyana téh éstu tara kasoro ku batur, sanajan di imahna téh aya nu babantu. Jadi sanajan loba dahareun gé, Nyi Endit mah tara daék barangbéré ka batur. Tah najan paparéntah kana gawé mah ceréwéd pisan ka bujang téh ari muruhan mah itungan pisan. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi Endit téh katelah Nyi randa medit. Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-bujangna tapi ogé karasa ku batur salemburna. Nyi Endit mah tara daék campur jeung urang lembur da cenah sieun karebut harta bendana, tara daék méré sumbangan keur nu miskin. Mun pareng aya nu baramaén ngalanto ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak, ngusir nitah jaun ulah asup ka buruan. Di lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu maliré ka tatangga, tara daék nulung ka nu butuh tara daék nalang ka nu susah. Sapopoéna nu diriksa ditalingakeun téh ngan ukur harta bandana, sieun aya nu leungit sieun aya nu maling. Leuit nu ngajajar digembok dikoncian, pakéan ditumpuk-timpuk dilomarian, duit disumput-sumput dina handapeun kasur.

Dina hiji poé ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begéng bari geus bongkok, maké dudukuy samak geus rawing, léngkahna dibarengan iteuk, pakéanana rudin kuleuheu. Éta aki-aki teu kanyahoan ti mana jolna ujug geus ngajengjen hareupeun panto bari pok uluk salam ka nu boga imah. “Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kamawantun … nyuhungkeun sangu sakedik mah… lapar aki téh”. Kitu pokna bari brek diuk dina émpér.

Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta sangu, gancang baé mukakeun panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari tutunjuk, pok ngagorowok “Naon ménta sangu.. naha kami boga dahareun téh beunang barangpénta kitu. Lapar... Usaha atuh lain baramaén”. Nyi Endit pohara ambekna kadatangan aki-aki téh. Lin baé tutunjuk ngusir tapi bari jeung nyuntrungkeun aki-aki ti émpér ka buruan. “Ka ditu indit montong datang ka dieu” bari nitah badegana ngusir aki-aki ti buruanana. Aki-aki teu bisa kumaha, terus ka luar ditungtun ku tukang kebon. Hatena pohara nyerina ngadéngé babasan Nyi Endit anu kasar, ngusir asa popohoan pisan. Barang geus kaluar ti buruan Nyi Endit, éta aki-aki téh teu aya nu nganyahoankeun kamana léosna, tingal iteukna wé nanceb diburuan Nyi Endit, poho mawa meureun aki-aki téh. Ambekna Nyi Endit acan leler, rét kana iteuk anu nanceb, sérénténg baé, iteuk dicabut bari dibalangkeun ka jalan. Tapi anéh bin ajaib, tina tapak iteuk dicecebkeun téh bet bijil cai mancer kaluhur. Beuki lila beuki gedé ngaburial ti jero taneuh nepi ka ngagulidag minuhan buruan. Nyi Endit pohara reuwasanana, manéhna gogorowokan ka bujang-bujangna nitah nyocokan liang cai. Tapi cai lain ngorotan malah beuki gedé, terus lebleban ngeueum sagala nu aya kaasup imah jeung harta banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan ménta tulung bari teu leupas ngagagandong harta emas berlianana. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh mupuas da bongan manéhna gé tara daék tutulung ka batur. Cai anu bijil tina iteuk aki-aki téa beuki gedé ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi Enditna tembong ngangkleung di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gembolan barang-barangna. Teu kungsi lila Nyi Endit teu tembong deui ngilu tilelep ka jero cai. Éta cai nu terus ngagulidag, beuki lila terus ngabalong gedé pisan nepi ka jadi situ. Éta situ nepi kiwari katelah Situ Bagendit. Pernahna di wewengkon Kabupaten Garut